Carita Bobodoran Sunda Eps-1


Sorga di handap talapak sampean ema


 “Apa Nu Bener Sorga Sa_orang Anak Aya di talapak sampean?”

“Nya Bener pisan” jawab ema na.

“Jadi dimana Sorga ajang Bapa Ma?

“lamon Sorga Bapa maneh lain di handap sampean ema, tapi di handap pusar ema.

“Sorga naon eta ma?

“Eta sorga bapa maneh...

“Apa nu bener bapa ososk ka sorga ?”

“Tegess pisan, tiap wengi senin sareng Jum’at, bahkeun kadang2 tiap wengi bapa osok ka sorga”.

“Tapi maaa.., Lamun jelema ndek ka Sorga, kudu paeh hela kan maa..?

“Nya tapi lamun Sorga Bapa Maneh Beda jang, anu paeh di hirupkeun deui.., teras di sitah kaluar asup sorga (ulang anting pintu sorga), Lamun ges rieut oge ke ge utah2an sorangan, terus weh paeh.



Jiang Zemin Orang Garut ?

Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"
Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"
Kabayan : "Uiii hebat euy ..."
Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga
Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."
Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"
Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos
Abah : "Dasar si borokokok !!"



Budak jeung Emana

Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana.
Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?"
Emana : "Salapan bulan salapan poé !"
Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?"
Emana : "Tilu taun !"
Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?"
Emana : "Tilu taun ogé !"
Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna kamana...?" (tarangna kerung semu nu mikir)
Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!" ( rada gugup)
Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu!"
Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit ) (SR

 
Ngagagambar Jurig

Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.

Tim : " Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?"
Mbah Rewok : " Kuntilanak !"
Tim : "Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?"
Mbah Rewok : "Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !"
Tim : "Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?"
Mbah Rewok : "Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah."
Tim : ?!@#






SI UDIN VS EMA
hiji mangsa si udin hudang ti peting da ngadenge sora indungna di kamar sabelah
udin:ma menta rujak
ema:rujak naon ari maneh
udin:ning eta ema suhah
ema:gera molor siah
udin:hayang nginum atuh
ema:nitah ka kolot nyokot sorangan,bisi di tampiling ku aing siah
udin:nya ges atu ke mun ema rek nampiling udin,bari mawa nginum nya...

BUDAK KOPLOK




" Pamaen Sepakbola "

Bu Guru : Udinnnn ,, kaharep maneh ?

Udin : naha kunaon, abi dpiwarang ka payun bu,,?? (Bari nyamperkeun kahareup)

Bu Guru : cik tulis d bor ,saha ngaran pamaen sepakbola favorit maneh ,ti luar negeri ?

Udin : halahh ,,eta mah gampil pisan atuh bu ,,,, 
Si udin gewat nulis di bor ,,,
" DAVID BECAM "

Guruna kerung ,,
Bu Guru : cik atuh din,nu bener ari nulis th ,,mana huruf 'H'na ?

Udin : Aduhh hilap bu ,,
Gewat si Udin nambahan huruf 'H'
" H.DAVID BECAM "

Guruna tambah bingung ,,
Bu Guru : salahh deui wae ari maneh din ,huruf 'K' na mana dinn ??

Udin : waduuh muhun bu ,udin hilap ,,,
Si Udin gewat nambahan huruf 'K'
" K.H. DAVID BECAM '

Guruna colohok ,,
" Uluuuhh eta si David beckham geus jadi ajengan,kakarek apal ibu mah ",,,



Tingal anu sanesna deuinya. klik nu dihandap iyeu...
Malam Jum'at
Gambar Kreatif 
Gambar Horor Gambar Kiih Jeng Beol
Balasan Komen Jeng Status 
Seuratan Piseurieun
Balasan Komen Jeng Status
Batu Ali
Bobodoran Kadaharan
Gambar Bodoran Asmaraan
Alay Nu Pikaseurieun
Kandaraan anu pilucueun
Gambar Sindiran Hitut

Motivasi Sunda
Gambar Religi Nu Pikaseurieun
Pantun Jeng Puisi Sunda 


Gambar-gambar sareng carita iyeu saukur heuhereuyan, lamun aya nu kasinggung hapunteun. Da admin saukur hoyong ngahibur pamiarsa.
Kritik sareung sarana diantos bilih aya koreksi atanapi tambihan bodoran nu sanesna.

Artikeul Anu Sanesna. 
# Tentang Dunia Kesehatan
CARA DAN BELAJAR HIDUP SEHAT
# Dunia Pengetahuan 
DUNIA PENGETAHUAN